Yuk Belajar: Belajar di Waktu Kecil Bagaikan Mengukir di Atas Batu, Belajar di Waktu Besar Bagaikan Mengukir di Atas Air >> Yuk Belajar: Tuntutlah Ilmu Dari Buaian Hingga Liang Lahat

Sabtu, 18 September 2021

Nadoman Bulan Mulud

 áޘᮥᮜᮔ᮪ ᮙᮥᮜᮥᮓ᮪ 

(Bulan Mulud)


᎘ᮥᮜᮔ᮪ ᮙᮥᮜᮥᮓ᮪ ᎘ᮥᮜᮔ᮪ ᮊᮨᮜᮠᮤᮛᮔ᮪ ᮔᮘᮤ

Bulan Mulud bulan kelahiran Nabi

᎘ᮥᮜᮔ᮪ ᮙᮥᮜᮥᮓ᮪ ᎘ᮥᮜᮔ᮪ ᮊᮨᮜᮠᮤᮛᮔ᮪ ᮔᮘᮤ

Bulan Mulud bulan kelahiran Nabi

ᮔᮘᮤ ᎘ᮨᮞᮁ ᎃᎠᮤᮁ ᮕᮨᮞᮥᮛᮥᮂ ᮄᮜᮠᮤ

Nabi besar ahir pesuruh Ilahi

ᮔᮘᮤ ᎘ᮨᮞᮁ ᎃᎠᮤᮁ ᮕᮨᮞᮥᮛᮥᮂ ᮄᮜᮠᮤ

Nabi besar ahir pesuruh Ilahi

 


ᮕᮨᮙ᮪ᮘᮍᮥᮔ᮪ ᮓᮔ᮪ ᮕᮨᮍᮔ᮪ᎏᮥᮁ ᮃᮜ᮪-ᮄᮞᮣᮙ᮪

Pembangun dan penganjur al-Islam

ᮕᮨᮙ᮪ᮘᮍᮥᮔ᮪ ᮓᮔ᮪ ᮕᮨᮍᮔ᮪ᎏᮥᮁ ᮃᮜ᮪-ᮄᮞᮣᮙ᮪

Pembangun dan penganjur al-islam

ᮛᮂᮙᮒ᮪ ᮘᮌᮤ ᮅᮙᮒ᮪ ᮓᮤ ᮞᮨᮜᮥᮛᮥᮂ ᮃᮜᮙ᮪

Rahmat bagi umat di seluruh alam

ᮛᮂᮙᮒ᮪ ᮘᮌᮤ ᮅᮙᮒ᮪ ᮓᮤ ᮞᮨᮜᮥᮛᮥᮂ ᮃᮜᮙ᮪

Rahmat bagi umat di seluruh alam

 


ᮠᮄ ᮅᮙᮒ᮪ ᮄᮞᮣᮙ᮪ ᮘᮍᮥᮔ᮪ ᮓᮔ᮪ ᮞᮓᮁ

Hai umat islam bangun dan sadar

ᮃᮊᮔ᮪ ᮕᮤᮙ᮪ᮕᮤᮔᮔ᮪ ᮔᮘᮤᮙᮥ

Akan pimpinan Nabimu

ᮠᮄ ᮅᮙᮒ᮪ ᮄᮞᮣᮙ᮪ ᮘᮍᮥᮔ᮪ ᮓᮔ᮪ ᮞᮓᮁ

Hai umat islam bangun dan sadar

ᮙᮨᮔ᮪ᎏᮨᮏᮊ᮪ ᮜᮀᮊᮂ ᮔᮘᮤᮙᮥ

Menjejak langkah Nabimu

 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᎘ᮥᮊᮥ ᮎᮒᮨᮒᮔ᮪ ᮕᮍᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮕᮢᮤᮘᮓᮤ)

Dicutat tina buku catetan pangajian pribadi


 

Pupujian Sunda Kakuping Suanten Adan

    ᮊᮊᮥᮕᮤᮀ ᮞᮥᮃᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮃᮓᮔ᮪ 

(Kakuping Suanten Adan)



ᮊᮊᮥᮕᮤᮀ ᮞᮥᮃᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮃᮓᮔ᮪,

Kakuping suanten adan,

ᮓᮤ ᮙᮞ᮪ᎏᮤᮓ᮪ ᮒᮤ ᮊᮒᮨ᎘ᮤᮠᮔ᮪,

Di masjid ti katebihan,

ᮞᮤᮀᎠᮧᮛᮦᮀ ᮒᮦᮂ ᎍ᎝ᮁᮒᮧᮞᮔ᮪,

sihorĂŠng tĂŠh ngawartosan,

ᮍᮏᮊ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮘᮘᮛᮨᮍᮔ᮪.

ngajak solat babarengan. 

 


ᮅᮜᮂ ᮞᮧᮊ᮪ ᮞᮧᮜᮒ᮪ ᮓᮤ ᮄᮙᮂ,

Ulah sok solat di imah,

ᮞᮜᮌᮤ ᮃᮚ ᮙᮞ᮪ᎏᮤᮓ᮪ ᮙᮂ,

salagi aya masjid mah,

ᮕᮢᮤ᎘ᮥᮙᮤ ᮃᮒᮝ ᮞᮦᮙᮂ,

Pribadi atawa sĂŠmah,

ᮠᮚᮥ ᮅᮛᮀ ᎘ᮨᮁᮏᮙ’ᎃᮂ.

Hayu urang berjama'ah. 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᎘ᮥᮊᮥ ᮕᮍᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮊᮧᮜᮦᮊ᮪ᮞᮤ ᮕᮢᮤᮘᮓᮤ)

Dicutat tina buku pangajian kolĂŠksi pribadi.

Pupujian Sunda Sarat Nyiar Élmu

 áŽžáŽ›áŽ’᮪ ᮑᮤᎃᮁ ᮆᮜ᮪ᮙᮥ 

(Sarat Nyiar Élmu)



ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ – ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᎠᮥᮓ᮪ ᮓᮤᮃᮜᮏᮁ,

Hayu batur hayu batur urang suhud dialajar,

ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ – ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ, ᮅᮛᮀ ᮞᮥᎠᮥᮓ᮪ ᮓᮤᮃᮜᮏᮁ.

hayu batur - hayu batur urang suhud dialajar,

ᮕᮤ᎝ᮥᮛᮥᮊ᮪ ᮌᮥᮛᮥ ᮓᮍᮥᮊᮩᮔ᮪, ᮕᮤᮝᮛᮀᮔ ᮜᮊ᮪ᮞᮔᮊᮩᮔ᮪,

Piwuruk guru dangukeun, piwangna laksanakeun,

ᮕᮤ᎝ᮥᮛᮥᮊ᮪ ᮌᮥᮛᮥ ᮓᮍᮥᮊᮩᮔ᮪, ᮕᮤᮝᮛᮀᮔ ᮜᮊ᮪ᮞᮔᮊᮩᮔ᮪.

Piwuruk guru dangukeun, piwarangna laksanakeun.

 


ᮕᮤᮔ᮪ᮒᮨᮁ ᮙᮂ ᮞᮔᮦᮞ᮪ ᮊᮩᮁ ᮘᮒᮥᮁ, ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮏᮜ᮪ᮙ ᮃᮔᮥ ᎏᮥᎏᮥᮁ,

Pinter mah sanĂŠs keur batur, pikeun jalma anu jujur,

ᮕᮤᮔ᮪ᮒᮨᮁ ᮙᮂ ᮞᮔᮦᮞ᮪ ᮊᮩᮁ ᮘᮒᮥᮁ, ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮏᮜ᮪ᮙ ᮃᮔᮥ ᎏᮥᎏᮥᮁ.

Pinter mah sanĂŠs keur batur, pikeun jalma anu jujur.

ᎃᎠᮤᮜᮔ᮪ᮒ ᮔᮜᮜ᮪ ᮄᮜ᮪ᮙ, ᮄᮊᮥ ᮄᮜ ᎘ᮤᮞᮤᮒ᮪ᮒᮒᮤᮔ᮪,

Ahilanta nalal ilma, iku ila bisittatin,

ᎃᎠᮤᮜᮔ᮪ᮒ ᮔᮜᮜ᮪ ᮄᮜ᮪ᮙ, ᮄᮊᮥ ᮄᮜ ᎘ᮤᮞᮤᮒ᮪ᮒᮒᮤᮔ᮪,

Ahilanta nalal ilma, iku ila bisittatin.

 


ᮞᮅᮙ᮪᎘ᮤᮊ ᮊᮃᮔ᮪ᮒᮕ᮪ᮞᮤ, ᮄᮜ ᎃᎠᮤ ᮘᮚ ᮃᮔ᮪ᮔᮤ,

Saumbika kaantapsi, ila ahi baya anni,

ᮞᮅᮙ᮪᎘ᮤᮊ ᮊᮃᮔ᮪ᮒᮕ᮪ᮞᮤ, ᮄᮜ ᎃᎠᮤ ᮘᮚ ᮃᮔ᮪ᮔᮤ.

Saumbika kaantapsi, ila ahi baya anni.

ᮃᮛᮤ ᮞᮛᮒ᮪ ᮑᮤᎃᮁ ᮆᮜ᮪ᮙᮥ, ᮆᮒ ᮃᮚ ᮌᮨᮔᮨᮕ᮪ ᮛᮥᮕᮤ,

Ari sarat nyiar ĂŠlmu, ĂŠta aya genep rupi,

ᮃᮛᮤ ᮞᮛᮒ᮪ ᮑᮤᎃᮁ ᮆᮜ᮪ᮙᮥ, ᮆᮒ ᮃᮚ ᮌᮨᮔᮨᮕ᮪ ᮛᮥᮕᮤ.

Ari sarat nyiar ĂŠlmu, ĂŠta aya genep rupi.

 


ᮙᮀᮌ ᮃᮚᮩᮔ ᮓᮍᮥᮊᮩᮔ᮪, ᮃᮘᮓᮤ ᮘᮓᮦ ᮙᮨᮁᮒᮦᮜᮊᮩᮔ᮪,

Mangga ayeuna dangukeun, abdi badĂŠ mertĂŠlakeun,

ᮙᮀᮌ ᮃᮚᮩᮔ ᮓᮍᮥᮊᮩᮔ᮪, ᮃᮘᮓᮤ ᮘᮓᮦ ᮙᮨᮁᮒᮦᮜᮊᮩᮔ᮪.

Mangga ayeuna dangukeun, abdi badĂŠ mertĂŠlakeun.

Ꭰᮤᎏᮤ ᮎᮨᮁᮓᮞ᮪ ᮓᮥᎃ ᮎᮤᮔ᮪ᮒ, ᮒᮤᮜᮥ ᮌᮨᮒᮧᮜ᮪ ᮇᮕᮒ᮪ ᎘ᮧᮌ ᎘ᮨᮊᮨᮜ᮪,

Hiji cerdas dua cinta, tilu getol opat boga bekel,

Ꭰᮤᎏᮤ ᮎᮨᮁᮓᮞ᮪ ᮓᮥᎃ ᮎᮤᮔ᮪ᮒ, ᮒᮤᮜᮥ ᮌᮨᮒᮧᮜ᮪ ᮇᮕᮒ᮪ ᎘ᮧᮌ ᎘ᮨᮊᮨᮜ᮪.

Hiji cerdas, dua cinta, tilu getol opat boga bekel. 

 


ᮜᮤᮙ ᮊᮥᮓᮥ ᮛᮤᮓᮧ ᮌᮥᮛᮥ, ᮊᮌᮨᮔᮨᮕ᮪ ᮜᮤᮜ ᮏᮙᮔ,

Lima kudu rido guru, kagenep lila jamana,

ᮜᮤᮙ ᮊᮥᮓᮥ ᮛᮤᮓᮧ ᮌᮥᮛᮥ, ᮊᮌᮨᮔᮨᮕ᮪ ᮜᮤᮜ ᮏᮙᮔ.

Lima kudu rido guru, kagenep lila jamana.

ᮝᮞ᮪ᮞᮜᮙᮥ’ᮃᮜᮄᮊᮥᮙ᮪, ᮊ ᮞᮓᮚ ᮕᮛ ᮄᮂᮝᮔ᮪,

Wassalamu'alaikum ka sadaya para ihwan,

ᮝᮞ᮪ᮞᮜᮙᮥ’ᮃᮜᮄᮊᮥᮙ᮪, ᮊ ᮞᮓᮚ ᮕᮛ ᮄᮂᮝᮔ᮪.

Wassalamu'alaikum ka sadaya para ihwan.

 


ᮞᮊᮤᮒᮥ ᮕᮤᮠᮒᮥᮁ ᎃ᎘᮪ᮓᮤ, ᮞᮛᮨᮀ ᮞ ᮕᮛ ᮊᮔ᮪ᮎᮔ,

Sakitu pihatur abdi, sareng sa para kancana,

ᮞᮊᮤᮒᮥ ᮕᮤᮠᮒᮥᮁ ᎃ᎘᮪ᮓᮤ, ᮞᮛᮨᮀ ᮞ ᮕᮛ ᮊᮔ᮪ᮎᮔ.

Sakitu pihatur abdi, sareng sa para kancana. 

 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᎘ᮥᮊᮥ ᮎᮒᮨᮒᮔ᮪ ᮕᮍᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮊᮧᮜᮦᮊ᮪ᮞᮤ ᮕᮢᮤᮘᮓᮤ)

Dicutat tina buku catetan pangajian kolĂŠksi pribadi. 

Pupujian Sunda Hayu Batur Urang NgabĂŠla Agama

           áŽ áŽšᮥ ᮘᮒᮥᮁ ᮅᮛᮀ ᮍᮘᮦᮜ ᮃᮌᮙ 

(Hayu Batur Urang NgabĂŠla Agama)


ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ ᮅᮛᮀ ᮍᮘᮦᮜ ᮃᮌᮙ,

Hayu batur urang ngabĂŠla Agama,

ᮃᮜᮣᮧᮂ ᮔᮀᮒᮚᮥᮍᮔ᮪ ᮔᮥ ᮒᮥᮙᮨᎍᮨᮒ᮪ ᮊᮘᮦᮂ ᮏᮜ᮪ᮙ,

Alloh nangtayungan nu tumenget kabĂŠh jalma,

ᮙᮞᮤᮀ ᮕᮓ ᮞᮥᎠᮥᮓ᮪ ᮎᮦᮊ᮪ᮎᮧᮊ᮪ ᮒᮦᮂ ᮒᮚ ᮌᮥᮔᮔ,

masing pada suhud cĂŠkcok tĂŠh taya gunana,

ᎃᮀᮌᮥᮁ ᮙᮒᮊ᮪ ᮎᮤᮜᮊ ᮓᮥᮑ ᮛᮝᮥᮂ ᎃᎠᮦᮛᮒ᮪ᮔ.

anggur matak cilaka dunya rawuh ahĂŠratna. 

 


ᮊ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮕᮚ ᮒᮩ ᮌᮥᮔ ᮑᮨᮊᮨᮜ᮪ ᮃᮌᮙ,

Ka urang supaya teu guna nyekel Agama,

ᮒᮤᮘᮒᮔ᮪ ᮜᮦᮞᮧᮒ᮪ ᮊᮏᮩᮔ᮪ ᮊᮥ ᮓᮤᮞᮤᮊ᮪ᮞ ᮏᮜ᮪ᮙ,

tibatan lĂŠsot kajeun ku disiksa jalma,

ᮔᮥ ᮓᮤᮞᮤᮊ᮪ᮞ ᮑᮨᮛᮤ ᮕᮔᮞ᮪ᮔ ᮞᮜᮜᮝᮞ᮪ᮔ,

nu disiksa nyeri panasna salalawasna,

ᮒᮩ ᮎᮛ ᮓᮤ ᮓᮥᮑ ᮞᮨᮔᮀ ᮌᮦ ᮃᮚ ᮒᮥᮀᮒᮥᮀᮔ.

teu cara di dunya senang gĂŠ aya tungtungna. 

 


ᮎᮛ ᮞᮤᮒᮤ ᮙᮞᮤᮒᮧᮂ ᮙᮩᮔᮀ Ꭰᮥᮊᮥᮙᮔ᮪ ᮕᮧᮠᮛ,

Cara Siti Masitoh meunang hukuman pohara,

ᮓᮤᮊᮜᮥ᎘᮪ ᮓᮤᎠᮤᎏᮤ ᮎᮛᮧᮌᮦ ᮞᮤᮔᮛᮨᮀ ᮕᮥᮒᮢ,

dikulub dihiji carogĂŠ sinareng putra,

ᮊᮥᮓᮥ ᮕᮊᮦ ᮎᮧᮔ᮪ᮒᮧ ᮏᮜ᮪ᮙ-ᮏᮜ᮪ᮙ ᮔᮥ ᎘Ꭰᮩᮜ,

kudu pakĂŠ conto jalma-jalma nu baheula,

ᮔᮥ ᮠᮚᮀ ᮊ ᮞᮥᮁᮌ ᮓᮤ ᮓᮥᮑ ᮍᮛᮞ ᎘ᮀᮌ.

nu hayang ka surga di dunya ngarasa bangga. 

 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᎘ᮥᮊᮥ ᮎᮒᮨᮒᮔ᮪ ᮕᮍᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮊᮧᮜᮦᮊ᮪ᮞᮤ ᮕᮢᮤᮘᮓᮤ)

Dicutat tina buku catetan pangajian kolĂŠksi pribadi. 

Pupujian Sunda Hayu Geura Saradia

 áŽ áŽšᮥ ᮌᮩᮛ ᮞᮛᮓᮤᎃ 

(hayu geura saradia)



ᮠᮚᮥ ᮌᮩᮛ ᮞᮛᮓᮤᎃ,

Hayu geura saradia,

ᮙᮩᮀᮕᮩᮀ ᮊᮩᮁ Ꭰᮤᮛᮥᮕ᮪ ᮓᮤ ᮓᮥᮑ,

meungpeung keur hirup di dunya,

ᮃᮙᮜ᮪ ᮊᮩᮁ ᮞᮙ᮪ᮕᮩᮛᮩᮔ᮪ ᮏᮌ,

amal keur sampeureun jaga,

ᮓᮤ ᎃᎠᮤᮁ ᮙᮧᮃᮜ᮪ ᮞᮥᮜᮚ.

di ahir moal sulaya. 

 


ᮃᮛᮤ ᮙᮇᮒ᮪ ᮍᮓᮧᮓᮧᎠᮧ,

Ari maot ngadodoho,

᎘ᮧᮛᮧ ᮞᮧᮊ᮪ ᮓᮤᮕᮧᎠᮧ-ᮕᮧᎠᮧ,

boro sok dipoho-poho,

ᮓᮒᮀᮔ ᮒᮩ ᮙᮦᮛᮦ ᮑᮠᮧ,

datangna teu mĂŠrĂŠ nyaho,

ᮍᮌᮨᮛᮨᮒᮊ᮪ ᮒᮚ ᮒᮦᮙ᮪ᮕᮧ.

ngageretak taya tĂŠmpo. 

 


ᮒᮚ ᎘ᮩᮛᮀ ᮒᮚ ᮕᮩᮒᮤᮀ,

Taya beureng taya peuting,

ᮒᮚ ᮛᮏ ᮒᮚ ᮊᮥᮛᮤᮀ,

taya raja taya kuring,

ᮓᮤ ᮙᮔ ᮃᮏᮜ᮪ ᮌᮩᮞ᮪ ᮞᮥᮙ᮪ᮕᮤᮀ,

di mana ajal geus sumping,

ᮒᮩ ᮙᮩᮔᮀ ᮒᮦᮙ᮪ᮕᮧ ᮃᮔᮊᮤᮀ.

teu meunang tĂŠmpo anaking. 

 


ᮙᮔ ᮊᮥᮓᮥ ᮃᮒᮤ-ᮃᮒᮤ,

Mana kudu ati-ati,

ᮊᮔ ᮕᮛᮦᮔ᮪ᮒᮠᮔ᮪ ᮌᮥᮞ᮪ᮒᮤ,

kana parĂŠntahan gusti,

ᮊᮝᮏᮤᮘᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮌᮩᮞ᮪ ᮕᮞ᮪ᮒᮤ,

kawajiban anu geus pasti,

ᮍᮜᮊᮧᮔᮔ᮪ ᎍᎏᮤ ᮍᮘᮊ᮪ᮒᮤ.

ngalakonan ngaji ngabakti. 

 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᎘ᮥᮊᮥ ᮎᮒᮨᮒᮔ᮪ ᮕᮍᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮊᮧᮜᮦᮊ᮪ᮞᮤ ᮕᮢᮤᮘᮓᮤ)

Dicutat tina buku catetab pangajian kolĂŠksi pribadi. 

Pupujian Sunda Rundayan Kangjeng Nabi

 áŽ›ᮥᮔ᮪ᮓᮚᮔ᮪ ᮊᮀᎏᮨᮀ ᮔᮘᮤ 

(Rundayan Kangjeng Nabi)



᎝ᎏᮤ᎘᮪ ᮊ ᮏᮜ᮪ᮙ ᮄᮞᮣᮙ᮪ᮔ,

Wajib ka jalma islamna,

ᮅᮔᮤᎍ ᮛᮥᮔ᮪ᮓᮚᮔᮔ,

uninga rundayanana,

ᎏᮩᮀ ᮔᮘᮤ ᮅᮒᮥᮞᮔ᮪ ᮃᮜᮣᮧᮂ,

jeung Nabi utusan Alloh,

ᮙᮥᮠᮙ᮪ᮙᮓ᮪ ᮕᮥᮒᮢ ᎃ᎘᮪ᮓᮥᮜᮣᮧᮂ.

Muhammad putra Abdulloh. 

 


ᎃ᎘᮪ᮓᮥᮜᮣᮧᮂ ᮕᮥᮒᮢ ᮙᮥᮒ᮪Ꭰᮧᮜᮤ᎘᮪,

Abdulloh putra Mutholib,

ᮙᮥᮒ᮪Ꭰᮧᮜᮤ᎘᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮠᮞᮤᮙ᮪,

Mutholib putrana Hasim,

ᮠᮞᮤᮙ᮪ ᮕᮥᮒᮢᮢ ᎃ᎘ᮤ ᮙᮔᮘ᮪,

Hasim putra Abi Manab,

ᎃ᎘ᮤ ᮙᮔᮘ᮪ ᮕᮥᮒᮢ ᮊᮥᮞᮧᮚ᮪.

Abi Manab putra Kusoy. 

 


ᮊᮥᮞᮧᮚ᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮊᮤᮜᮘ᮪,

Kusoy putrana Kilab,

ᮊᮤᮜᮘ᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮙᮥᮛᮧᮂ,

Kilab putrana Muroh,

ᮙᮥᮛᮧᮂ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮊ’ᎃ᎘᮪,

Muroh putrana Ka'ab,

ᮊ’ᎃ᎘᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮜᮥᮃᮚ᮪.

Ka'ab putrana Luay. 

 


ᮜᮥᮃᮚ᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮌ᮪Ꭰᮧᮜᮤ᎘᮪,

Luay putrana Gholib,

ᮌ᮪Ꭰᮧᮜᮤ᎘᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮕᮤᎠᮤᮁ,

Gholib putrana Pihir,

ᮕᮤᎠᮤᮁ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮙᮜᮤᮊ᮪,

Pihir putraba Malik,

ᮙᮜᮤᮊ᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮔᮓ᮪Ꭰᮧᮁ.

Malik putrana Nadhor. 

 


ᮔᮓ᮪Ꭰᮧᮁ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮊᮤᮔᮔ,

Nadhor putrana Kinana,

ᮊᮤᮔᮔ ᮕᮥᮒᮢ Ꭰᮥᮐᮄᮙᮂ,

Kinana putra Huzaimah,

Ꭰᮥᮐᮄᮙᮂ ᮕᮥᮒᮢ ᮙᮥᮓᮢᮤᮊᮂ,

Huzaimah putra Mudrikah,

ᮙᮥᮓᮢᮤᮊᮂ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮄᮜ᮪ᮚᮞ᮪.

Mudrikah putrana Ilyas. 

 


ᮄᮜ᮪ᮚᮞ᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮙᮥᮓᮧᮁ,

Ilyas putrana Mudor,

ᮙᮥᮓᮧᮁ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮔᮤ᎐ᮁ,

Mudor putrana Nizar,

ᮔᮤ᎐ᮁ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮙ’ᎃ᎘᮪,

Nizar putrana Ma'ab,

ᮙ’ᎃ᎘᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮃᮓ᮪ᮔᮔ᮪.

Ma'ab putrana Adnan. 

 


ᮒᮨᮕᮥᮀ ᮓᮩᮄ ᮒᮤ ᮄᮘᮥᮔ,

Tepung deui ti Ibuna,

ᮒᮤ ᎘ᮤᮜᮍᮔ᮪ ᮞᮝᮛᮦᮂᮔ,

Ti bilangan sawarĂŠhna,

ᎏᮩᮀ ᮔᮘᮤ ᮅᮒᮥᮞᮔ᮪ ᮃᮜᮣᮧᮂ,

jeung Nabi utusan Alloh,

ᮙᮥᮠᮙ᮪ᮙᮓ᮪ ᮕᮥᮒᮢ ᮃᮙᮤᮔᮂ.

Muhammad putra Aminah. 

 


ᮃᮙᮤᮔᮂ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮙ’ᎃ᎘᮪,

Aminah putrana Ma'ab,

ᮙ’ᎃ᎘᮪ ᮕᮥᮒᮢ ᎃ᎘ᮤ ᮙᮔᮕ᮪,

Ma'ab putra Abi manap,

ᎃ᎘ᮤ ᮙᮔᮕ᮪ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᎏᮥᮂᮛᮧᮂ,

Abi manap putra Juhroh,

ᎏᮥᮂᮛᮧᮂ ᮕᮥᮒᮢᮔ ᮊᮤᮜᮘ᮪.

Juhroh putrana Kilab. 

 


ᎏᮩᮀ ᮓᮩᮄ ᮒᮤ ᮛᮙᮔ,

Jeung deui ti ramana

ᮓᮤ ᎘ᮤᮜᮍᮔ᮪ ᮞᮝᮛᮦᮂᮔ,

di bilangan sawarĂŠhna,

ᮏᮓᮤ ᮄᮘᮥ ᎏᮩᮀ ᮛᮙᮔ,

Jadi ibu jeung ramana,

ᮙᮞᮤᮂ ᮊᮦᮔᮦᮂ ᮞᮛᮥᮔ᮪ᮓᮚᮔ᮪.

masih kĂŠnĂŠh sarundayan. 

 


ᮔᮥ ᎝ᎏᮤ᎘᮪ ᮓᮥᮌᮤ ᮊ ᮃᮓ᮪ᮔᮔ᮪,

Nu wajib dugi ka Adnan,

ᮊᮛᮔ ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮍᮜᮩᮜᮩ᎝ᮤᮠᮔ᮪,

karan lamun ngaleuleuwihan,

ᮒᮤ ᮃᮓ᮪ᮔᮔ᮪ ᮓᮥᮌᮤ ᮊ ᮃᮓᮙ᮪,

ti Adnan dugi ka Adam,

ᮞᮘᮘ᮪ ᮒᮚ ᮏᮜᮔ᮪ ᮞᮧᮦᎠᮂ.

Sabab taya jalan sohĂŠh. 

 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᎘ᮥᮊᮥ ᮎᮒᮨᮒᮔ᮪ ᮕᮍᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮊᮧᮜᮦᮊ᮪ᮞᮤ ᮕᮢᮤᮘᮓᮤ)

Dicutat tina buku catetan pangajian kolĂŠksi pribadi. 

Minggu, 12 September 2021

SuksĂŠsna Kagiatan Literasi Aksara Sunda di Perpusdes Nanggeleng Kab.Bandung Barat

 


Kagiatan Literasi Aksara Sunda gawĂŠ bareng jeung Perpustakaan DĂŠsa NanggelĂŠng, KabupatĂŠn Bandung Barat parantos kalaksanakeun kalayan aya dina kalancaran. 

Anu jadi Pangjejerna nyaĂŠta TĂŠh Usi salaku pendiri komunitas Jatinangor Aksara Sunda jeung Pendiri Literasi Aksara Sunda. 

ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮜᮤᮒᮨᮛᮞᮤ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮌᮝᮦ ᮘᮛᮨᮀ ᎏᮩᮀ ᮕᮨᮁᮕᮥᮞ᮪ᮒᮊᮃᮔ᮪ ᮓᮦᮞ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ, ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮘᮛᮒ᮪ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮜᮊ᮪ᮞᮔᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮜᮚᮔ᮪ ᮃᮚ ᮓᮤᮔ ᮊᮜᮔ᮪ᮎᮛᮔ᮪.

ᮃᮔᮥ ᮏᮓᮤ ᮕᮀᎏᮨᎏᮨᮁᮔ ᮑᮆᮒ ᮒᮦᮂ ᮅᮞᮤ ᮞᮜᮊᮥ ᮕᮨᮔ᮪ᮓᮤᮛᮤ ᮊᮧᮙᮥᮔᮤᮒᮞ᮪ ᮏᮒᮤᮔᮍᮧᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᎏᮩᮀ ᮕᮨᮔ᮪ᮓᮤᮛᮤ ᮜᮤᮒᮨᮛᮞᮤ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. 


Anu ngiringan dina kagiatan ĂŠta diantawisna nyaĂŠta:

1. Bapa SĂŠkdĂŠs DĂŠsa NanggelĂŠng

2. Ketua BPD DĂŠsa NanggelĂŠng

3. Himpaudi Kec. Cipeundeuy

4. Para Pelajar

5. Masarakat umum

ᮃᮔᮥ ᎍᮤᮛᮤᮍᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮆᮒ ᮓᮤᮃᮔ᮪ᮒᮝᮤᮞ᮪ᮔ ᮑᮆᮒ:

|Ꮉ|. ᮘᮕ ᮞᮦᮊ᮪ᮓᮦᮞ᮪ ᮓᮦᮞ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ

|Ꮂ|. ᮊᮨᮒᮥᎃ ᎘᮪.ᮕ᮪.ᮓ᮪. ᮓᮦᮞ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ

|Ꮃ|. Ꭰᮤᮙ᮪ᮕᮅᮓᮤ ᮊᮨᮎ᮪. ᮎᮤᮕᮩᮔ᮪ᮓᮩᮚ᮪

|Ꮄ|. ᮕᮛ ᮕᮨᮜᮏᮁ

|Ꮎ|. ᮙᮞᮛᮊᮒ᮪ ᮅᮙᮥᮙ᮪


Tujuan diayakeunna kagiatan ĂŠta nyaĂŠta lian ti urang diajar aksara sunda, ngamumulĂŠ budaya Sunda khususna aksara Sunda, urang ogĂŠ bisa bari manjangkeun silaturahmi. 

ᮒᮥᎏᮥᮃᮔ᮪ ᮓᮤᮃᮚᮊᮩᮔ᮪ᮔ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮆᮒ ᮑᮆᮒ ᮜᮤᮃᮔ᮪ ᮒᮤ ᮅᮛᮀ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮍᮙᮥᮙᮥᮜᮦ ᎘ᮥᮓᮚ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ Ꭰᮥᮞᮥᮞ᮪ᮔ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮅᮛᮀ ᮇᮌᮦ ᮘᮛᮤ ᎘ᮤᮞ ᮙᮔ᮪ᎏᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮞᮤᮜᮒᮥᮛᮂᮙᮤ. 


Kahareupna, mugia ulah ngan ukur sakali wungkul ngayakeun kagiatan siga kitu tĂŠh, tapi ogĂŠ bisa manjang dina kagiatan-kagiatan anu bakal datang. Da diajar aksara sunda teu cukup ku sakali. 

ᮊᮠᮛᮩᮕ᮪ᮔ, ᮙᮥᮌᮤᎃ ᮅᮜᮂ ᮍᮔ᮪ ᮅᮊᮥᮁ ᮞᮊᮜᮤ ᎝ᮥᮀᮊᮥᮜ᮪ ᮍᮚᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮞᮤᮌ ᮊᮤᮒᮥ ᮒᮦᮂ, ᮒᮕᮤ ᮇᮌᮦ ᎘ᮤᮞ ᮙᮔ᮪ᎏᮀ ᮓᮤᮔ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪-ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮘᮊᮜ᮪ ᮓᮒᮀ. ᮓ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮒᮩ ᮎᮥᮊᮥᮕ᮪ ᮊᮥ ᮞᮊᮜᮤ. 



Pamungkas, sanggeus kagiatan bĂŠrĂŠs, aya serah terima heula cinderamatan ti TĂŠh usi keur PerpusdĂŠs NanggelĂŠng nyaĂŠta 1 buku aksara Sunda karya TĂŠh Usi jeung 1 Kartu Aksara Sunda. Mugia bisa mangpaat keur balarĂŠa. Aamiin.

ᮕᮙᮥᮀᮊᮞ᮪, ᮞᮀᮌᮩᮞ᮪ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᎘ᮦᮛᮦᮞ᮪, ᮃᮚ ᮞᮨᮛᮂ ᮒᮨᮛᮤᮙ Ꭰᮩᮜ ᮎᮤᮔ᮪ᮓᮨᮛᮙᮒ ᮒᮤ ᮒᮦᮂ ᮅᮞᮤ ᮊᮩᮁ ᮕᮨᮁᮕᮥᮞ᮪ᮓᮦᮞ᮪ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ ᮑᮆᮒ |Ꮉ| ᎘ᮥᮊᮥ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮊᮁᮚ ᮒᮦᮂ ᮅᮞᮤ ᎏᮩᮀ |Ꮉ| ᮊᮁᮒᮥ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. ᮙᮥᮌᮤᎃ ᎘ᮤᮞ ᮙᮀᮕᮃᮒ᮪ ᮊᮩᮁ ᮘᮜᮛᮦᎃ. ᮃᮃᮙᮤᮄᮔ᮪. 


PerpusdĂŠs NanggelĂŠng Kab. Bandung Barat, 11 SĂŠptĂŠmber 2021

ᮕᮨᮁᮕᮥᮞ᮪ᮓᮦᮞ᮪ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ ᮊᮘ᮪. ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮘᮛᮒ᮪, |ᎹᎹ| ᮞᮦᮕ᮪ᮒᮦᮙ᮪᎘ᮨᮁ |ᎲᎰᎲᎹ|

Selasa, 07 September 2021

Wilujeng MiĂŠling PoĂŠ Aksara Internasional 8 SĂŠptĂŠmber 2021

 


Wilujeng MiĂŠling PoĂŠ Aksara Internasional, 8 SĂŠptĂŠmber 2021. 

᎝ᮤᮜᮥᎏᮨᮀ ᮙᮤᮆᮜᮤᮀ ᮕᮧᮆ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮄᮔ᮪ᮒᮨᮁᮔᮞᮤᮇᮔᮜ᮪, |Ꮈ| ᮞᮦᮕ᮪ᮒᮦᮙ᮪᎘ᮨᮁ |ᎲᎰᎲᎹ|. 


Mari tingkatkan budaya literasi dimulai dari diri sendiri. 

ᮙᮛᮤ ᮒᮤᮀᮊᮒ᮪ᮊᮔ᮪ ᎘ᮥᮓᮚ ᮜᮤᮒᮨᮛᮞᮤ ᮓᮤᮙᮥᮜᮄ ᮓᮛᮤ ᮓᮤᮛᮤ ᮞᮨᮔ᮪ᮓᮤᮛᮤ. 

Minggu, 05 September 2021

LITERASI AKSARA SUNDA

 

 

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh. 


Sampurasun, baraya Aksara! Kumaha daramang? Mugia urang salamina aya dina kaayaan sĂŠhat walafiat. Aamiin. 


Baraya aya nu kantos diajar aksara sunda atanapi teu acan? Pami teu acan, hayu atuh urang diajar sasarengan, anu atos ogĂŠ hayu urang diajar deui dina kagiatan " LITERASI AKSARA SUNDA ". 


Nah kedah ngiringan? Lantaran ieu acara tĂŠh bakal ramĂŠ pisan, lian ti urang bakal diajar aksara Sunda, urang ogĂŠ bakal panggih jeung babaturan anyar bari silaturahmi. Ditambah deui bakal aya giveaway kanggo para pamilon anu ngiringan. 


Yuk atuh, ulah hilap catet tanggalna, nya!

️Tanggal : Saptu, 11 September 2021

Waktos : 09.00-rĂŠngsĂŠ

Tempat : Perpustakaan Nanggelang (Jl. Nanggeleng-Sirnaraja, Desa. Nanggeleng, Kec. Cipeundeuy, Kabupaten Bandung Barat)


Pangjejer: 

Teh Usi 

(Pendiri Komunitas Jatinangor Aksara Sunda &

Pendiri Literasi Aksara Sunda)


Tong hilap nya!!


Info kanggo salajengna: 

Teh Usi (087718393307)

Ibu Yuliarti (085974088736)


Ulah hilap follow akun mĂŠdia sosial Literasi Aksara Sunda di: 

Ig: @literasiaksarasunda

Sareng akun mĂŠdia sosial Perpustakaan Nanggeleng di:

Ig: @perpusdes_nanggeleng

Fb: Perpustakaan Nanggeleng


 *Acara ieu HARATIS* 


Hurip Sunda!

Hurip Aksara Sunda!

Cag!


#literasi #aksarasunda #literasiaksarasunda