Yuk Belajar: Belajar di Waktu Kecil Bagaikan Mengukir di Atas Batu, Belajar di Waktu Besar Bagaikan Mengukir di Atas Air >> Yuk Belajar: Tuntutlah Ilmu Dari Buaian Hingga Liang Lahat

Sabtu, 18 September 2021

Pupujian Sunda Hayu Batur Urang Ngabéla Agama

           ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ ᮅᮛᮀ ᮍᮘᮦᮜ ᮃᮌᮙ 

(Hayu Batur Urang Ngabéla Agama)


ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ ᮅᮛᮀ ᮍᮘᮦᮜ ᮃᮌᮙ,

Hayu batur urang ngabéla Agama,

ᮃᮜᮣᮧᮂ ᮔᮀᮒᮚᮥᮍᮔ᮪ ᮔᮥ ᮒᮥᮙᮨᮍᮨᮒ᮪ ᮊᮘᮦᮂ ᮏᮜ᮪ᮙ,

Alloh nangtayungan nu tumenget kabéh jalma,

ᮙᮞᮤᮀ ᮕᮓ ᮞᮥᮠᮥᮓ᮪ ᮎᮦᮊ᮪ᮎᮧᮊ᮪ ᮒᮦᮂ ᮒᮚ ᮌᮥᮔᮔ,

masing pada suhud cékcok téh taya gunana,

ᮃᮀᮌᮥᮁ ᮙᮒᮊ᮪ ᮎᮤᮜᮊ ᮓᮥᮑ ᮛᮝᮥᮂ ᮃᮠᮦᮛᮒ᮪ᮔ.

anggur matak cilaka dunya rawuh ahératna. 

 


ᮊ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮕᮚ ᮒᮩ ᮌᮥᮔ ᮑᮨᮊᮨᮜ᮪ ᮃᮌᮙ,

Ka urang supaya teu guna nyekel Agama,

ᮒᮤᮘᮒᮔ᮪ ᮜᮦᮞᮧᮒ᮪ ᮊᮏᮩᮔ᮪ ᮊᮥ ᮓᮤᮞᮤᮊ᮪ᮞ ᮏᮜ᮪ᮙ,

tibatan lésot kajeun ku disiksa jalma,

ᮔᮥ ᮓᮤᮞᮤᮊ᮪ᮞ ᮑᮨᮛᮤ ᮕᮔᮞ᮪ᮔ ᮞᮜᮜᮝᮞ᮪ᮔ,

nu disiksa nyeri panasna salalawasna,

ᮒᮩ ᮎᮛ ᮓᮤ ᮓᮥᮑ ᮞᮨᮔᮀ ᮌᮦ ᮃᮚ ᮒᮥᮀᮒᮥᮀᮔ.

teu cara di dunya senang gé aya tungtungna. 

 


ᮎᮛ ᮞᮤᮒᮤ ᮙᮞᮤᮒᮧᮂ ᮙᮩᮔᮀ ᮠᮥᮊᮥᮙᮔ᮪ ᮕᮧᮠᮛ,

Cara Siti Masitoh meunang hukuman pohara,

ᮓᮤᮊᮜᮥᮘ᮪ ᮓᮤᮠᮤᮏᮤ ᮎᮛᮧᮌᮦ ᮞᮤᮔᮛᮨᮀ ᮕᮥᮒᮢ,

dikulub dihiji carogé sinareng putra,

ᮊᮥᮓᮥ ᮕᮊᮦ ᮎᮧᮔ᮪ᮒᮧ ᮏᮜ᮪ᮙ-ᮏᮜ᮪ᮙ ᮔᮥ ᮘᮠᮩᮜ,

kudu paké conto jalma-jalma nu baheula,

ᮔᮥ ᮠᮚᮀ ᮊ ᮞᮥᮁᮌ ᮓᮤ ᮓᮥᮑ ᮍᮛᮞ ᮘᮀᮌ.

nu hayang ka surga di dunya ngarasa bangga. 

 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᮘᮥᮊᮥ ᮎᮒᮨᮒᮔ᮪ ᮕᮍᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮊᮧᮜᮦᮊ᮪ᮞᮤ ᮕᮢᮤᮘᮓᮤ)

Dicutat tina buku catetan pangajian koléksi pribadi. 

0 Comments:

Posting Komentar