Yuk Belajar: Belajar di Waktu Kecil Bagaikan Mengukir di Atas Batu, Belajar di Waktu Besar Bagaikan Mengukir di Atas Air >> Yuk Belajar: Tuntutlah Ilmu Dari Buaian Hingga Liang Lahat

Minggu, 12 September 2021

Suksésna Kagiatan Literasi Aksara Sunda di Perpusdes Nanggeleng Kab.Bandung Barat

 


Kagiatan Literasi Aksara Sunda gawé bareng jeung Perpustakaan Désa Nanggeléng, Kabupatén Bandung Barat parantos kalaksanakeun kalayan aya dina kalancaran. 

Anu jadi Pangjejerna nyaéta Téh Usi salaku pendiri komunitas Jatinangor Aksara Sunda jeung Pendiri Literasi Aksara Sunda. 

ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮜᮤᮒᮨᮛᮞᮤ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮌᮝᮦ ᮘᮛᮨᮀ ᮏᮩᮀ ᮕᮨᮁᮕᮥᮞ᮪ᮒᮊᮃᮔ᮪ ᮓᮦᮞ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ, ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮘᮛᮒ᮪ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮜᮊ᮪ᮞᮔᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮜᮚᮔ᮪ ᮃᮚ ᮓᮤᮔ ᮊᮜᮔ᮪ᮎᮛᮔ᮪.

ᮃᮔᮥ ᮏᮓᮤ ᮕᮀᮏᮨᮏᮨᮁᮔ ᮑᮆᮒ ᮒᮦᮂ ᮅᮞᮤ ᮞᮜᮊᮥ ᮕᮨᮔ᮪ᮓᮤᮛᮤ ᮊᮧᮙᮥᮔᮤᮒᮞ᮪ ᮏᮒᮤᮔᮍᮧᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮏᮩᮀ ᮕᮨᮔ᮪ᮓᮤᮛᮤ ᮜᮤᮒᮨᮛᮞᮤ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. 


Anu ngiringan dina kagiatan éta diantawisna nyaéta:

1. Bapa Sékdés Désa Nanggeléng

2. Ketua BPD Désa Nanggeléng

3. Himpaudi Kec. Cipeundeuy

4. Para Pelajar

5. Masarakat umum

ᮃᮔᮥ ᮍᮤᮛᮤᮍᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮆᮒ ᮓᮤᮃᮔ᮪ᮒᮝᮤᮞ᮪ᮔ ᮑᮆᮒ:

|᮱|. ᮘᮕ ᮞᮦᮊ᮪ᮓᮦᮞ᮪ ᮓᮦᮞ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ

|᮲|. ᮊᮨᮒᮥᮃ ᮘ᮪.ᮕ᮪.ᮓ᮪. ᮓᮦᮞ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ

|᮳|. ᮠᮤᮙ᮪ᮕᮅᮓᮤ ᮊᮨᮎ᮪. ᮎᮤᮕᮩᮔ᮪ᮓᮩᮚ᮪

|᮴|. ᮕᮛ ᮕᮨᮜᮏᮁ

|᮵|. ᮙᮞᮛᮊᮒ᮪ ᮅᮙᮥᮙ᮪


Tujuan diayakeunna kagiatan éta nyaéta lian ti urang diajar aksara sunda, ngamumulé budaya Sunda khususna aksara Sunda, urang ogé bisa bari manjangkeun silaturahmi. 

ᮒᮥᮏᮥᮃᮔ᮪ ᮓᮤᮃᮚᮊᮩᮔ᮪ᮔ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮆᮒ ᮑᮆᮒ ᮜᮤᮃᮔ᮪ ᮒᮤ ᮅᮛᮀ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮍᮙᮥᮙᮥᮜᮦ ᮘᮥᮓᮚ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮠᮥᮞᮥᮞ᮪ᮔ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮅᮛᮀ ᮇᮌᮦ ᮘᮛᮤ ᮘᮤᮞ ᮙᮔ᮪ᮏᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮞᮤᮜᮒᮥᮛᮂᮙᮤ. 


Kahareupna, mugia ulah ngan ukur sakali wungkul ngayakeun kagiatan siga kitu téh, tapi ogé bisa manjang dina kagiatan-kagiatan anu bakal datang. Da diajar aksara sunda teu cukup ku sakali. 

ᮊᮠᮛᮩᮕ᮪ᮔ, ᮙᮥᮌᮤᮃ ᮅᮜᮂ ᮍᮔ᮪ ᮅᮊᮥᮁ ᮞᮊᮜᮤ ᮝᮥᮀᮊᮥᮜ᮪ ᮍᮚᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮞᮤᮌ ᮊᮤᮒᮥ ᮒᮦᮂ, ᮒᮕᮤ ᮇᮌᮦ ᮘᮤᮞ ᮙᮔ᮪ᮏᮀ ᮓᮤᮔ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪-ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮘᮊᮜ᮪ ᮓᮒᮀ. ᮓ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮒᮩ ᮎᮥᮊᮥᮕ᮪ ᮊᮥ ᮞᮊᮜᮤ. 



Pamungkas, sanggeus kagiatan bérés, aya serah terima heula cinderamatan ti Téh usi keur Perpusdés Nanggeléng nyaéta 1 buku aksara Sunda karya Téh Usi jeung 1 Kartu Aksara Sunda. Mugia bisa mangpaat keur balaréa. Aamiin.

ᮕᮙᮥᮀᮊᮞ᮪, ᮞᮀᮌᮩᮞ᮪ ᮊᮌᮤᮃᮒᮔ᮪ ᮘᮦᮛᮦᮞ᮪, ᮃᮚ ᮞᮨᮛᮂ ᮒᮨᮛᮤᮙ ᮠᮩᮜ ᮎᮤᮔ᮪ᮓᮨᮛᮙᮒ ᮒᮤ ᮒᮦᮂ ᮅᮞᮤ ᮊᮩᮁ ᮕᮨᮁᮕᮥᮞ᮪ᮓᮦᮞ᮪ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ ᮑᮆᮒ |᮱| ᮘᮥᮊᮥ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮊᮁᮚ ᮒᮦᮂ ᮅᮞᮤ ᮏᮩᮀ |᮱| ᮊᮁᮒᮥ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. ᮙᮥᮌᮤᮃ ᮘᮤᮞ ᮙᮀᮕᮃᮒ᮪ ᮊᮩᮁ ᮘᮜᮛᮦᮃ. ᮃᮃᮙᮤᮄᮔ᮪. 


Perpusdés Nanggeléng Kab. Bandung Barat, 11 Séptémber 2021

ᮕᮨᮁᮕᮥᮞ᮪ᮓᮦᮞ᮪ ᮔᮀᮌᮨᮜᮦᮀ ᮊᮘ᮪. ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮘᮛᮒ᮪, |᮱᮱| ᮞᮦᮕ᮪ᮒᮦᮙ᮪ᮘᮨᮁ |᮲᮰᮲᮱|

0 Comments:

Posting Komentar