Yuk Belajar: Belajar di Waktu Kecil Bagaikan Mengukir di Atas Batu, Belajar di Waktu Besar Bagaikan Mengukir di Atas Air >> Yuk Belajar: Tuntutlah Ilmu Dari Buaian Hingga Liang Lahat

Sabtu, 21 Agustus 2021

Kakawihan Barudak "Cok Cang jeung Hompilah"

 ᮎᮧᮊ᮪ ᮎᮀ ᮏᮩᮀ ᮠᮧᮙ᮪ᮕᮤᮜᮂ 

(Cok Cang jeung Hompilah)


ᮎᮧᮊ᮪ ᮎᮀ (ᮎᮧᮊ᮪ᮎᮍᮔ᮪)

Cok Cang (Cokcangan)


ᮑ ᮆᮒ ᮊᮝᮤᮂ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮤ ᮙᮤᮜᮀ ᮞᮙᮦᮙᮦᮂ ᮅᮜᮤᮔ᮪ ᮅᮎᮤᮀ-ᮅᮎᮤᮍᮔ᮪. ᮛᮊᮤᮒᮔ᮪ ᮊᮝᮤᮂᮔ ᮞᮕᮨᮁᮒᮤ ᮊᮤᮉ:

Nyaéta kawih paranti milang saméméh ulin ucing-ucingan. Rakitan kawihna saperti kieu:


ᮎᮧᮊ᮪ ᮎᮀ ᮞᮤ ᮕᮨᮔ᮪ᮎᮧᮊ᮪ ᮞᮤ ᮊᮎᮀ

Cok cang si pencok si kacang

ᮞᮤ ᮔᮤᮒᮤ ᮃᮀᮌᮧᮜᮒᮤ

Si niti anggolati

ᮞᮤ ᮒᮧᮌᮧᮌ᮪ ᮙᮧᮔ᮪ᮒᮧᮊ᮪

Si togog montok


ᮛᮊᮤᮒᮔ᮪ ᮊᮝᮤᮂ ᮦᮞᮏᮦᮔ᮪ᮔ:

Rakitan kawih séjénna:


ᮎᮧᮊ᮪ ᮎᮀ ᮞᮤ ᮕᮨᮔ᮪ᮦᮓᮊ᮪ ᮞᮤ ᮊᮎᮀ

Cok cang si pencok si kacang

ᮞᮤ ᮔᮤᮒᮤ ᮃᮀᮌᮧᮜᮒᮤ

Si niti anggolati

ᮓᮧᮌ᮪ ᮎᮣᮧ

Dog clo

ᮘᮧ ᮜᮧ ᮑᮧᮔ᮪

Bo lo nyon


ᮃᮒᮝ:

Atawa: 


ᮎᮧᮊ᮪ ᮎᮀ ᮞᮤ ᮕᮨᮔ᮪ᮎᮧᮊ᮪ ᮞᮤ ᮊᮎᮀ

Cok cang si pencok si kacang

ᮞᮤ ᮔᮤᮒᮤ ᮃᮀᮌᮧᮜᮒᮤ

Si niti anggolati

ᮜᮙᮨᮒ ᮦᮓᮔᮤᮀ ᮞᮤ ᮒᮧᮌᮧᮌ᮪

Lameta déning si togog

ᮙᮧᮔ᮪ᮒᮧᮊ᮪!

Montok!

 


ᮠᮧᮙ᮪ᮕᮤᮜᮂ

Hompilah


ᮙᮦᮙᮦᮂ ᮕᮢᮥᮀ ᮙᮆᮔ᮪ ᮅᮎᮤᮀ-ᮅᮎᮤᮍᮔ᮪, ᮏᮩᮀ ᮞᮏᮘᮔ, ᮘᮛᮥᮓᮊ᮪ ᮍᮛᮤᮅᮀ ᮘᮛᮤ ᮔᮙ᮪ᮕᮢᮊ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮏᮩᮀ ᮔᮀᮊᮥᮘ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮙ᮪ᮕᮜ᮪ ᮜᮩᮍᮩᮔ᮪ ᮍᮝᮤᮂ ᮘᮘᮛᮨᮍᮔ᮪, ᮃᮔᮥ ᮅᮔᮤᮔ ᮊᮤᮉ:

Méméh prung maén ucing-ucingan, jeung sajabana, barudak ngariung bari namprakkeun jeung nangkubkeun dampal leungeun ngawih babarengan, anu unina kieu:


ᮠᮧᮙ᮪ᮕᮤᮜᮂ ᮠᮧᮙ᮪ᮕᮤᮙ᮪ᮕᮂ

Hompilah hompimpah

ᮃᮜᮄᮠᮥᮙ᮪ ᮌᮙ᮪ᮘᮢᮦᮀ

Alaihum gambréng

 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᮘᮥᮊᮥ ‘Peperenian Urang Sunda’, Penerbit Kiblat Buku Utama).


 

0 Comments:

Posting Komentar