Yuk Belajar: Belajar di Waktu Kecil Bagaikan Mengukir di Atas Batu, Belajar di Waktu Besar Bagaikan Mengukir di Atas Air >> Yuk Belajar: Tuntutlah Ilmu Dari Buaian Hingga Liang Lahat

Sabtu, 21 Agustus 2021

Lagu Aksara Sunda Karya Téh Usi (Founder Komunitas Jatinangor Aksara Sunda)

 


Lirik Lagu Aksara Sunda

ᮜᮤᮛᮤᮊ᮪ ᮜᮌᮥ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ


Hayu kabéh baraya.. 

ᮠᮚᮥ ᮊᮘᮦᮂ ᮘᮛᮚ

Urang diajar aksara sunda.. 

ᮅᮛᮀ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ

Hayu kabe baraya.. 

ᮠᮚᮥ ᮊᮘᮦᮂ ᮘᮛᮚ

Urang apalkeun aksara.. 2x

ᮅᮛᮀ ᮃᮕᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛᮔ


Réff:


Ka Ga Nga Ca Ja Nya,Ta Da Na Pa Ba...

ᮊ ᮌ ᮍ ᮎ ᮏ ᮑ, ᮒ ᮓ ᮔ ᮕ ᮘ

Ma Ya Ra La, Wa Sa Ha Fa Qa Va Xa... 

ᮙ ᮚ ᮛ ᮜ, ᮝ ᮞ ᮠ ᮖ ᮋ ᮗ ᮟ

Za AIU OE EU

ᮐ ᮃ ᮄ ᮅ ᮆ ᮇ ᮈ ᮉ

AIU OE EU 2x

ᮃ ᮄ ᮅ ᮆ ᮇ ᮈ ᮉ


Nu di luhur ngaranna.. 

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮜᮥᮠᮥᮁ ᮍᮛᮔ᮪ᮔ

Ngaranna panghulu i..

ᮍᮛᮔ᮪ᮔ ᮕᮀᮠᮥᮜᮥ (... ᮤ)

Nu di luhur ngaranna.. 

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮜᮥᮠᮥᮁ ᮍᮛᮔ᮪ᮔ

Ngaranna pamepet e.. 

ᮍᮛᮔ᮪ᮔ ᮕᮙᮨᮕᮨᮒ᮪ (... ᮨ)


Nu di luhur ngaranna.. 

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮜᮥᮠᮥᮁ ᮍᮛᮔ᮪ᮔ

Ngaranna paneuleung eu.. 

ᮍᮛᮔ᮪ᮔ ᮕᮔᮩᮜᮩᮀ (... ᮩ)

Nu di luhur ngaranna.. 

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮜᮥᮠᮥᮁ ᮍᮛᮔ᮪ᮔ

Ngaranna panglayar r.. 

ᮍᮛᮔ᮪ᮔ ᮕᮀᮜᮚᮁ (... ᮁ)


Nu di luhur ngaranna panyecek ng 

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮜᮥᮠᮥᮁ ᮍᮛᮔ᮪ ᮕᮑᮨᮎᮨᮊ᮪ (... ᮀ)

Nu di handap ngaranna panyuku u..

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮠᮔ᮪ᮓᮕ᮪ ᮍᮛᮔ᮪ᮔ ᮕᮑᮥᮊᮥ (... ᮥ)

Nu di handap pannyiku la.. 

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮠᮔ᮪ᮓᮕ᮪ ᮕᮑᮤᮊᮥ (... ᮣ)

Reujeung panyakra ra.. 

ᮛᮩᮏᮩᮀ ᮕᮑᮊᮢ (... ᮢ)


Nu di gigir ngaranna panéléng é..

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮌᮤᮌᮤᮁ ᮍᮛᮔ᮪ᮔ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ ( ᮦ... )

Nu di gigir ngaranna panolong o..

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮌᮤᮌᮤᮁ ᮍᮛᮔ᮪ᮔ ᮕᮔᮧᮜᮧᮀ (... ᮧ )

Nu di gigir pamingkal ya.. 

ᮔᮥ ᮓᮤ ᮌᮤᮌᮤᮁ ᮕᮙᮤᮀᮊᮜ᮪ (... ᮡ )

Pangwisad h jeung pamaéh

ᮕᮀᮝᮤᮞᮓ᮪ (... ᮂ ) ᮏᮩᮀ ᮕᮙᮆᮂ ( ᮪ )


Tah sakitu baraya.. 

ᮒᮂ ᮞᮊᮤᮒᮥ ᮘᮛᮚ

Nu dingaranan aksara sunda.. 

ᮔᮥ ᮓᮤᮍᮛᮔᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ

Hayu urang apalkeun.. 

ᮠᮚᮥ ᮅᮛᮀ ᮃᮕᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪

Ulah poho ogé pék amalkeun..

ᮅᮜᮂ ᮕᮧᮠᮧ ᮇᮌᮦ ᮕᮦᮊ᮪ ᮃᮙᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪


(uih deui ka reff) 

Related Posts:

  • Pupujian Sunda Hayu Batur Urang Ngabéla Agama           ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ ᮅᮛᮀ ᮍᮘᮦᮜ ᮃᮌᮙ (Hayu Batur Urang Ngabéla Agama)ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ ᮅᮛᮀ ᮍᮘᮦᮜ ᮃᮌᮙ,Hayu batur urang ngabéla Aga… Read More
  • Pupujian Sunda Kakuping Suanten Adan    ᮊᮊᮥᮕᮤᮀ ᮞᮥᮃᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮃᮓᮔ᮪ (Kakuping Suanten Adan)ᮊᮊᮥᮕᮤᮀ ᮞᮥᮃᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮃᮓᮔ᮪,Kakuping suanten adan,ᮓᮤ ᮙᮞ᮪ᮏᮤᮓ᮪ ᮒᮤ ᮊᮒᮨᮘᮤᮠᮔ᮪,Di masjid ti katebi… Read More
  • Pupujian Sunda Sarat Nyiar Élmu ᮞᮛᮒ᮪ ᮑᮤᮃᮁ ᮆᮜ᮪ᮙᮥ (Sarat Nyiar Élmu)ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ – ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮠᮥᮓ᮪ ᮓᮤᮃᮜᮏᮁ,Hayu batur hayu batur urang suhud dialajar,ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ – ᮠᮚᮥ ᮘᮒᮥᮁ, ᮅᮛᮀ… Read More
  • Nadoman Bulan Mulud ᮘᮥᮜᮔ᮪ ᮙᮥᮜᮥᮓ᮪ (Bulan Mulud)ᮘᮥᮜᮔ᮪ ᮙᮥᮜᮥᮓ᮪ ᮘᮥᮜᮔ᮪ ᮊᮨᮜᮠᮤᮛᮔ᮪ ᮔᮘᮤBulan Mulud bulan kelahiran Nabiᮘᮥᮜᮔ᮪ ᮙᮥᮜᮥᮓ᮪ ᮘᮥᮜᮔ᮪ ᮊᮨᮜᮠᮤᮛᮔ᮪ ᮔᮘᮤBulan Mulud bulan k… Read More
  • Pupujian Sunda Hayu Geura Saradia ᮠᮚᮥ ᮌᮩᮛ ᮞᮛᮓᮤᮃ (hayu geura saradia)ᮠᮚᮥ ᮌᮩᮛ ᮞᮛᮓᮤᮃ,Hayu geura saradia,ᮙᮩᮀᮕᮩᮀ ᮊᮩᮁ ᮠᮤᮛᮥᮕ᮪ ᮓᮤ ᮓᮥᮑ,meungpeung keur hirup di dunya,ᮃᮙᮜ᮪ ᮊᮩᮁ ᮞᮙ᮪ᮕᮩᮛᮩ… Read More

0 Comments:

Posting Komentar