Yuk Belajar: Belajar di Waktu Kecil Bagaikan Mengukir di Atas Batu, Belajar di Waktu Besar Bagaikan Mengukir di Atas Air >> Yuk Belajar: Tuntutlah Ilmu Dari Buaian Hingga Liang Lahat

Sabtu, 21 Agustus 2021

Kakawihan Barudak Pacublak-cublak uang

 ᮕᮎᮥᮘᮣᮊ᮪-ᮎᮥᮘᮣᮊ᮪ ᮅᮃᮀ (Pacublak-Cublak Uang


ᮓᮤᮊᮝᮤᮂᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮘᮛᮨᮍᮔ᮪. ᮘᮛᮥᮓᮊ᮪ᮔ ᮍᮛᮤᮅᮀ ᮞᮅᮛᮀ ᮘᮒᮥᮁᮔ ᮔᮥ ᮑᮥᮅᮂ ᮔᮥ ᮘᮊᮜ᮪ ᮔᮨᮌᮥᮂ. ᮔᮥ ᮦᮞᮏᮦᮔ᮪ ᮔᮥᮙ᮪ᮕᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮜᮩᮍᮩᮔ᮪ᮔ ᮓᮤᮊᮩᮕᮩᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪. ᮞᮜᮂ ᮞᮅᮛᮀ ᮍᮩᮕᮩᮜ᮪ ᮘᮛᮀ ᮔᮥ ᮊᮥᮓᮥ ᮓᮤᮒᮨᮌᮥᮂ. ᮘᮛᮀ ᮊᮝᮤᮂ ᮓᮤᮞᮓ, ᮔᮥ ᮑᮥᮅᮂ ᮎᮨᮀᮊᮒ᮪ ᮒᮨᮛᮥᮞ᮪ ᮔᮨᮌᮥᮂ. ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮊᮒᮨᮌᮥᮂ ᮓᮤ ᮞᮠ ᮆᮒ ᮘᮛᮀ ᮦᮒᮂ ᮃᮚᮔ, ᮑ ᮙᮔᮦᮂᮔ ᮔᮥ ᮊᮌᮤᮜᮤᮛᮔ᮪ ᮑᮥᮅᮂ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮔᮨᮌᮥᮂ. ᮛᮊᮤᮒᮔ᮪ ᮊᮝᮤᮂᮔ ᮞᮕᮨᮁᮒᮤ ᮊᮤᮉ:

Dikawihkeun babarengan. Barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh nu bakal neguh. Nu séjén numpangkeun leungeunba dikeupeulkeun. Salah saurang ngeupeul barang nu kudu diteguh. Barang kawih disada, nu nyuuh cengkat terus neguh. Lamun kateguh di saha éta barang téh ayana, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh. Rakitan kawihna saperti kieu: 


ᮕᮎᮥᮘᮣᮊ᮪-ᮎᮥᮘᮣᮊ᮪ ᮅᮃᮀ

Pacublak-cublak uang

ᮅᮃᮀᮑ ᮙᮀᮌᮥᮜ᮪ ᮜᮧᮔ᮪ᮦᮒᮀ

Uangnya manggul lonténg

ᮘᮥᮒᮒ ᮘᮥᮒᮤᮒᮤ

Butata butiti

ᮞᮤ ᮒᮒ ᮝᮛ-ᮝᮤᮛᮤ

Si tata wara-wiri

ᮒᮀᮞᮤ ᮔᮧᮔ ᮒᮀᮞᮤ ᮘᮘᮂ

Tangsi nona tangsi babah

ᮞᮤ ᮞᮤᮓᮤᮔ᮪ ᮙᮅ ᮊᮝᮤᮔ᮪

Si sidin mau kawin

ᮌᮙᮨᮜᮔ᮪ ᮏᮨᮌᮁ ᮏᮨᮌᮥᮁ

Gamelan jegar jegur

ᮃᮙᮤᮜ᮪ ᮕᮀᮠᮥᮜᮥᮔ

Amil panghuluna

ᮒ ᮈ ᮈᮙ᮪ ᮒ ᮈ ᮈᮙ᮪ ᮒ ᮈ ᮈᮙ᮪ ᮒ ᮈ ᮈᮙ᮪

Ta e em ta e em ta e em ta e em


ᮛᮊᮤᮒᮔ᮪ ᮊᮝᮤᮂ ᮜᮤᮃᮔ᮪ᮔ ᮊᮤᮉ:

Rakitan kawih lianna kieu:


ᮕᮎᮥᮘᮣᮊ᮪-ᮎᮥᮘᮣᮊ᮪ ᮅᮃᮀ

Pacublak-cublak uang

ᮙᮀᮌᮧᮦᮜᮔ᮪ᮒᮀ-ᮙᮀᮌᮧᮜᮔ᮪ᮒᮤᮀ

Manggoléntang-manggolénting

ᮘᮥᮒᮒ ᮘᮥᮒᮤᮒᮤ

Butata butiti

ᮌᮨᮙ᮪ᮘᮢᮀ-ᮌᮨᮙ᮪ᮘᮢᮥᮀ

Gembrang-gembrung

ᮌᮨᮙ᮪ᮘᮢᮀ-ᮌᮨᮙ᮪ᮘᮢᮥᮀ

Gembrang-gembrung

ᮘᮧ ᮈ-ᮈᮙ᮪ ᮘᮧ ᮈ-ᮈᮙ᮪. 

Bo e-em bo e-em.

 


(ᮓᮤᮎᮥᮒᮒ᮪ ᮒᮤᮔ ᮘᮥᮊᮥ ‘Peperenian Urang Sunda’, Penerbit Kiblat Buku Utama).

0 Comments:

Posting Komentar